Kabar Journalist

Home / Jawa Barat / Sukabumi

Selasa, 21 Februari 2023 - 19:35 WIB

Mieling Poe Basa Indung Sadunya Taun 2023, Wabup -bagja Seueur Keneh Nu Ngamumule Basa Sunda-

Kabarjournalist.com – Wawakil Bupati Sukabumi H. Iyos Somantri muka Kagiatan “Mieling Poe Basa Indung Sadunya taun 2023 tingkat Kabupaten Sukabumi” nu lumangsung di Kantor Dinas pendidikan Kabupaten Sukabumi Cikembar, Salasa (21/2/23).

Wabup nétélakeun, kagiatan éta dilaksanakeun minangka upaya pikeun ngalestarikeun basa daérah sadunya. sakumaha ditangtukeun sinareng di bewarakeun ku UNESCO.

Tangtu baé anu dimaksud basa indung téh taya lian basa anu munggaran diwanohkeun ku hiji indung. Ku ayana kitu, saban sélér mibanda basa indung séwang-séwangan. Pikeun masarakat tatar Pasundan, umumna nu dimaksud basa indung teh nyaéta basa Sunda.

Baca Juga  RAKOR PERSIAPAN 2nd WHCF, PLH SEKDA PAPARKAN PERFORMA KAB SUKABUMI DALAM AKTUALISASI SEMBILAN TATANAN

“Pikeun ngalestarikeun kabudayaan Sunda hususna basa, sastra jeung budaya sunda téh tanggung jawab urang sadaya. Hal eta butuh dirojong di deudeul ku para wargi sadaya” saur Wabup.

Basa Sunda� kudu terus dijaga, ulah nika luntur komo deui leungit. Sabab, lamun lain ku papada urang hususna urang sunda rék kusaha deui.

“Ku acara ieu simkuring ngarasa, bagja sareng reueus. Kusabab ningali masih seueur jalma anu ngagunakeun jeung ngamumule basa Sunda,” cariosna Wabup.

Baca Juga  Momentum Hari Nelayan, Kapolres Sukabumi Gelar Bakti Sosial di TPI Palabuhanratu

Basa Sunda salaku basa indung, hartina nempatkeun basa Sunda salaku basa utama nu digunakeun ku masarakat Sunda, boh di lingkungan sapopoe hirup kumbuh sauyunan jeung balarea, boh kitu di kulawarga.

“Leuwih ti éta, Pamaréntah Propinsi Jawa Barat parantos ngaluarkeun Perda Propinsi Jawa Barat Nomer 14 Taun 2014 ngeunaan parobahan Perda Propinsi Jawa Barat Nomor 5 Taun 2003 ngeunaan Pangropea Basa, Sastra,� jeung Aksara Daerah” carios anjeuna.

Baca Juga  BBPJN DKI Jakarta – Jabar Akan Segera Memperbaiki Jl. R.A. Kosasih

Wabup ngaharepkeun, ku dilaksanakeunana kagiatan Mieling Poe Basa Indung Sadunya, kahareupna, adat-istiadat Sunda, ti mimiti pakean jeung basa Sunda, bisa dilarapkeun di sakola-sakola nepi ka paguron luhur jeung instansi pamaréntahan di sakuliah Kabupatén Sukabumi.

Dina kasempetan eta dipintonkeun rupi-rupi kamonesan sinareng kesenian sunda diantawisna cingciripit, oray-orayan jeung sabangsaning kaulinan baheula, saterasna� Wakil Bupati sareng rengrengan saparakanca ngariksa Stand Budaya jeung pirang-pirang katuangan Tradisional Sunda.

Share :

Baca Juga

Hukum

Berantas Halinar Serta Minimalisir Gangguan Kamtib Lapas Warungkiara Laksanakan Penggeledahan

Jawa Barat

Ketum DPN Gerhana Pro Turun Gunung, Sambangi Keluarga PMI Yang Meninggal di Kuwait . Ada Apa?

Sukabumi

Dirjen Imigrasi: Januari – Mei 2024 Penegakan Hukum Keimigrasian Naik 94,4%

Sukabumi

Bhayangkari Sukabumi Raih Juara 1 Lomba Lari 10K Bhayangkari Master 40+ di Ajang Kemala Run 2024

Infrastruktur

Sasaran Non-Fisik TMMD 116, Kodim 0607/Kota Sukabumi Bersama Polsek Kebonpedes Berikan Penyuluhan Hukum

Bisnis

Tingkatkan Potensi Talenta Muda di Industri Esports, Tri Hadirkan H3RO Power Battle untuk Gen Z Sukabumi

Jawa Barat

PSMTI Sukabumi Hadiri Sosialisasi Empat Pilar MPR RI bersama Paguyuban Sosial Marga Tionghoa Indonesia

Bisnis

Gelar Pangan Murah Kembali Digelar, Kali Ini di Kecamatan Citamiang